Saur prabu siliwangi ka balad na anu milu mundur dina sateuacan ngahiang
: Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu pisan, najan dia kabehna ka ngaing
satia. Tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi
balangsak, ngilu rudin jadi lapar. Dia kudu marilih, pikeun hirup ka
hareupna, supaya engkena jagana jembar senang sugih mukti, bisa
ngadegkeun deui padjadjaran. Lain pajajaran anu kiwari, tapi pajajaran
anu anyar, anu ngadeg na di geuingkeun ku obahna jaman. Pilih!!.. ngaing
moal ngahalang, sebab pikeun ngaing, heunteu pantes jadi raja, mun
somah kabehna, lapar bae jeung balangsak.
Artinya :kata prabu
siliwangi kepada pengikut2 nya yang ikut mundur pada saat sebelum moksa :
perjalanan kita cuman sampe hari ini, walau pun kalian smua setia
kepadaku. Tapi aku tak bisa mengajak kalian untuk ikut-ikutan, ikut
hidup jadi susah, ikut (rudin) jadi lapar.kalian harus milih, untuk
hidup kedepanya, supaya nanti kedepanya mendapatkan kaluasan, kekayaan
dan mukti sehingga bisa mendirikan lagi pajajaran. Bukan pajajaran yang
sekarang, tapi pajajaran yang baru, yang beridirinya dikarenakan oleh
berubahnya jaman. Pilih. !! aku tidak akan menghalangi, sebab bagiku,
tidak pantas jadi raja kalau (somah) semua. Lapar terus dan menderita.
Darengekeun…!
!Nu deuk tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul .Anu
hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggal keun, geura misah ka Beulah
kaler.Anu deuk kumawula kanu keur jaya, geura misah ka beulah wetan. Anu
moal milu ka saha- saha, geura misah ka Beulah kulon.
Artinya :
Dengarkan..! !Yang mau tetap ikut dengan ku, cepat memisahkan diri ke
daerah selatan. Yang pengen balik lagi ke kampung halaman yang di
tinggalkan, cepat memisahkan ke daerah utara.Yang mau menjadi pengikut
pada mereka yang lagi sedang berjaya, cepat memisahkan diri kedaerah
timur.
Darengekeun…! !!Dia nu milih beulah wetan, ngaing nyaraho:
Kajayaan milu jeung dia. Nya turunan dia anu bakalna marentah kadulur
jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkena
bakal aya babalesna. Jig geura narindak.Dia Nu beulah kulon, papay ku
dia lacak KI SANTANG. Sebab engkena, turunan dia jadi ngageuingkeun ka
dulur jeung ka batur, ka batur urut salembur, kadulur anu nyorang
sauuyunan, ka sakabeh anu rancage di hatena.Engkena jaga mun teungah
peuting digunung halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta tandana
saturunan dia di sambat kunu deuk kimpoi di lebak cawene. Ulah sina
talangke. Sebab talaga bakal Beulah. Jig geura narindak. Tapi ulah
ngalieuk katukang.
Artinya : Dengarkan.. !!kalian yang memilih
kearah timur, aku mengetahui.. Kejayaan ikut dengan kalian, ya keturunan
kalian yang akan memerintah pada saudara dan pad a orang lain, tapi
harus kalian ketahui, bahwa kalian akan lupa diri. Dan nanti pasti ada
balasanya. Cepatlah bertindak. Kalian yang di barat, ikuti oleh kalian
jejak KI SANTANG. Sebab nantinya keturunan kalian yang akan mengingatkan
kebaikan pada saudara dan orang lain. Pada orang yang satu kampung.
Pada orang yang berusaha bersama-sama. Pada semua yang (rancage) hatinya
nanti suatu saat bila di gunung halimun terdengar suara (tutunggulan) ,
itu tandanya satu keturunan kalian di panggil oleh yang menikah di
"lebak cawene". jangan sampai terbengkalai, sebab telaga akan belah.
cepatlah bertindak tapi jangan liat kebelakang.
Dia nu misahkeun
beula kaler, darengekeun : dayeuh ku dia moal ka sampak. Nukasampak ngan
ukur tegal baladeuhan. Turunan dia lolobana bakal jadi somah. Mun aya
jadi pangkat, bakal luhur pangkat na, tapi moal boga kakawasaan.
Arinyana engke jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur tinu anggang,
tapi batur nu sarusah jeung batur anu nyusahkeun. Sing waspada.Sakabeh
turunan dia ku ngaing bakal di langlang. Tapi ngan di waktu anu parelu.
Ngaing bakal datang deui, nullungan anu barutuh, mantuan anu sarusah,
tapi ngan nu hade lakulampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu. Mun
ngaing nyarita moal kadenge.Memang ngaing bakal datang. Tapi kanu geus
rancage hatena, kanu weruh di semu saestu. Mun ngaing datang, teu
ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku wawangi.
Artinya : Kalian
yang memisahkan diri kedaerah utara, Dengarkan : kalian tidak akan
menemukan kampung halaman, yang kalian temukan cuman tegal (baladeuhan) .
Keturunan kalian kebanyakan akan jadi (somah). Ketika punya pangkat,
akan tinggi pangkatnya tetapi tidak akan punya kekuasaan. Dan kalian
nanti akan kerepotan sama orang lain. Banyak teman dari jauh. Tapi teman
yang susah dan menyusahkan. Maka waspadalah. Semua keturunan kalian
semua akan aku (langlang). Tetapi ketika waktu waktu yang perlu saja.aku
bakal datang lagi. Menolong pada yang butuh. Membantu pada yang susah.
Tapi cuman yang berkelakuan baik.kalo aku datang tidak akan terlihat.
Kalau aku bercerita tidak akan terdengar. Memang aku akan datang. Tapi
bagi yang sudah (rancage) hatinya. Yang mengetahui Di (semu saestu).
Kalo aku datang tidak berwujud tidak bersuara. Tapi memberikan ciri
dengan wewangian.
Timimiti poe ieu, pajajaran leungit ti alam
hirup. Leungit dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun
tapak, jiba tingaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari bakal rea nu
mungkir.Tapi engke jaga bakal aya nunyoba2, supaya anu leungit kapanggih
deui. Nya bisa, ngan mapay kudu make amparan, tapi anu mapay na loba
arieu aing pangpinterna. mudu aredan heula.Engke bakal rea nu panggih,
sabagian sabagian. Sabab kaburu di larang kunu di sebut RAJA PANYELANG.
Aya nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang ngorehan bari
ngalwan bari seuri. Nya budak angon, imah na di birit leuwi pantone batu
satangtung, kahieuman ku handeuleum karimbunan ku hanjuang.Ari
ngangona? Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay
jeung tutunggul.Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih.
Sabagian di sumputkeun, sebab encan wayah ngalakonkeun. Mangke mun geus
wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung rarea menta di
lalakonkeun. tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang undur
jaman datang jaman saban jaman mawa lalakon.Liliana saban jaman, sarua
jeung waktuna nyukma, ngusumah eujeung nitis, laju nitis di pinda sukma.
Artinya
: Dimulai dari hari ini, Pajajaran hilang dari alam hidup. hilang
kampungnya, hilang namanya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak,
hanya nama bagi yang melacak. Sebab bukti yang ada banyak yang akan
mungkir. Tapi nanti suatu saat bakal ada yang nyoba-nyoba, supaya yang
hilang ketemu lagi.memang bisa, tapi melacak harus pakai (amparan). Tapi
yang melacak kebanyakan ngerasa paling pintar. Keburu gila duluan.
Nanti bakal banyak yang ketemu, sebagian-sebagian. Sebab kaburu dilarang
oleh yang di sebut RAJA PANYELANG. Ada yang berani mencari terus, tidak
memperdulikan larangan. Mencari sambil melawan dan tertawa. Ya dialah
sang pengembala. rumahnya di belakang sungai, pintunya setinggi badan.
Ternaungi olah (handeuleum) , di rimbun oleh (hanjuang). Apa yang di
gembala? bukan kerbau bukan kambing, bukan kucing bukan banteng. Tapi
(kalakay) dan (tutunggul). Dia terus asik mencari. Mencari yang ketemu.
Sebagian di sembunyikan. Sebab belum waktunya berperan. Pada suatu saat
nanti masanya datang, bakal banyak yang terbuka dan banyak yang minta
peran. Tapi harus mengalami banyak cerita, setelah mengalami banyak
jaman datang jaman, tiap jaman membawa cerita. Lamanya jaman, sama
dengan waktunya nyukma, (Ngusumah) dan nitis. kemudian nitis di (pinda )
sukma.
Darengekeun !Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana
ngan bakal nepi ka mangsa : "tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang
kebo dongkol." Tah didinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo
barule, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk d alun-alun.Ti harita,
raja-raja dibelenggu.Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik
wuluku, ngan narikna heunteu karasa sabab murah jaman jeung seubeuh
hakan.Ti dinya, wuluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu
lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi.Ti nu laleungit,
tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili.
Nya kabawa nu lain mudu diala. !Turunan urang loba anu heunteu engeuh,
yen jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di
buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan ; tapi jalan nu kasingsal. Nu
tutunjuk nyumput jauh ; alun - alun jadi suwung, kebo bule kalalabur :
laju sampalan nu diranjah monyet !Turunan urang ngareunah seuri, tapi
seuri heunteu anggeus, sabab kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak
ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak
ku monyet, cawene rareuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku
monyet.Turunan urang sieun ku nu niru - niru monyet."Panarat" dicekel ku
monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku turunan urang
keneh. Loba nu paraeh kalaparan.
Artinya : Dengarkan !! yang
sekarang memusuhi kita, jadi rajanya hanya sampai masa : " (tanah bugel
sisi cibantaeun) dijadikan kandang kerbau (dungkul)"nah dari situ
senegara akan jadi (sampalan). (sampalan) kerbau bule. yang di gembalai
oleh orang tinggi yang nunjuk2 di tengah alun alun.dari situ raja-raja
di belenggu. kerbau bule megang (bubuntut). keturunan kita yang narik
bajak.tapi nariknya tidak terasa sebab murahnya jaman dan kenyangnya
makanan.dari saat itu bajak di naikin monyet. Kemudian keturunan kita
ada yang sadar, cuman sadarnya seperti orang baru bangun dari mimpi.
Yang hilang, tambah banyak yang ketemu, tambah banyak yang menemukan.
tapi banyak yang tertukar, ya terbawa yang lain harus di ambil.
Keturunan kita banyak yang tidak sadar bahwa jaman sudah berganti
cerita.! pintu yang tertutup di obrak abrik oleh yang mengantar pembuka
jalan; tapi jalan yang (kasingsal). Yang nunjuk2 bersembunyi jauh;
alun-alun jadi (suwung), kerbau bule pada kabur; kemudian (sampalan)
yang dirajah monyet!kebun habis sama monyet, sawah habis sama monyet,
ladang di acak-acak monyet, wanita pada hamil sama monyet. Segala rupa
di rajah sama monyet.keturunan kita takut oleh yang niru-niru monyet.
("panarat") di pegang oleh monyet sambil duduk di (bubuntut). Bajaknya
di tarik oleh keturunan kita sendiri. banyak yang mati kelaparan.
Ti
dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan
maresek caturangga.Heunteu arengeuh, yen jaman geus ganti deui
lalakon.Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh ngagulugur,
galudra megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat !Ari di urang ?Rame ku
nu mangpring. Prang - pring sabulu – bulu gading. Monyet ngumpul ting
rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang ; ngamukna teu jeung aturan.Loba nu
paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh batur, disebut
musuh.Ngadak- ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu
bingung tambah baringung ; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk
tambah rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu
harideung disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk,
heunteu beda tina tawon, dipalengpeng keuna sayangna.Sanusa dijieun
jagal.Tapi, kaburu aya nu nyapih ; nu nyapihna urang sabrang.
Artinya
: Dari situ, keturunan kita berharap dari bertanam jagung, sambil sok
tau mengupas (caturrangga ), pada tidak sadar, kalau jaman sudah
berganti cerita. Kemudaian sayup- sayup, ti ujung samudra utara
bergemuruh menggelegar, galudra memecahkan telur, genjlong satu amparan
jagat!kalau di kita? rame oleh yang (mampring). prang - pring
sabulu-bulu gading. (istilah kebersamaan dalam sunda). monyet berkumpul
pada menyerah. kemudian keturunan kita ngamuk. ngamuknya gak pake
aturan. Banyak yang mati tanpa dosa. Sudah jelas musuh, di jadikan
teman; sudah jelas teman, di sebut musuh. tiba-tiba banyak yang punya
pangkat memerintah seperti orang gila.yang bingung tambah bingung; anak
baru gede pada jadi bapak.yang mengamuk tambah parah; ngamuknya tanpa
pandang bulu. Yang berkulit putih di obrak abrik, yang berkulit hitam di
usir- usir.sangat ramai alam kita, sebab yang ngamuk, tidak beda dengan
lebah, di lempar sangkarnya.. ..Satu nusa di jadikan jagal. Tapi
terlanjur ada yang merelai; yang merelai orang sebrang.
Laju
ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan
raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan
raja; raja anyar hese apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman.
Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti
beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara
urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana
lain teureuh Pajajaran.Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu
ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang
ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin,
da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya
eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah.
Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema
anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta,
naritah deui nyembah berhala.
Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat
pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya
karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba
nu teu asup kana aseupan. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu
tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna
kabalinger.Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung
bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu
keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang
meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum,
haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu
janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana
ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana
nyiar-nyiar pimusuheun.Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram
Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana
anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin
hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho,
jaman manusa dikawasaan ku sato!
Artinya : Kemudian berdiri lagi
raja, asalnya orang biasa. Tetapi memang titisan raja. Titisan raja
dahulu dan biangnya satu putri pulau dewata. Memang titisan raja. Raja
baru sulit sial oleh bencana! dari saat itu, ganti lagi jaman. Ganti
jaman ganti cerita! kapan? tidak lama, setelah terlihat bulan pada siang
hari, di susul terlewati oleh bintang yang bersinar terang. Di bekas
negara kita, berdiri lagi kerajaan. Kerajaan di dalam kerajaan dan
rajanya bukan dari keturunan pajajaran. Kemudian ada lagi raja, tapi
raja buta/buto (raksasa pada pewayangan) yang mendirikan pintu yang
tidak boleh di buka, mendirikan pintu tidak boleh di tutup; membuat "air
mancur" di tengah jalan. Melihara burung elang di pohon beringin,
memang raja buta! bukan buta duruwiksa, tetapi buta dalam artian "tidak
melihat". Buaya dan anjing hutan, kucing garong dan monyet mencakari
rakyat yang susah. Ketika ada yang berani mengingatkan; yang di sergap
bukan hewan nya, tapi malah orang yang mengingatkan. Makin kedepan makin
kedepan, banyak buto yang pada buta, memerintah lagi menyembah berhala.
Kemudian berbuntut salah yang ngatur. (panarad pabeulit tinda cacadan);
karena yang menggarapnya bukan ahli tani. Ya pasti : ( tarete hepe
sawareh) (kembang kapas hapa buahna (buah pare loba nu teu asup kana
aseupan)
Sumber : https://www.facebook.com/notes/i-love-bogor/uga-wangsit-siliwangi-ramalan-prabu-siliwangi/402554477547
Belum ada tanggapan untuk "Wangsit Siliwangi ( Dua Bahasa )"
Posting Komentar